Kisah Nabi Ibrahim A.S
Nabi ibrahim teh putrana Aaazar(tarih) bin Tahur bin Saruj bin Rau’
bin falij bin Aaabir bin Syalih bin Arfakhsyad bin Saam bin Nuh a.s. nabi
Ibrahim dilahirkeun di hiji tempat anu namina “Faddam A’ram” dina karajaan “Babylon” anu dina waktos itu
dipimpin ku raja anu namina Namrud bin Kan’an.
Karajaan
Babylon dina waktos itu kaasup karajaan anu makmur tur sajahtra dina kaayaan
sagala kacukupan. Ngan tingkat kahirupan rakyatna masih dina kaayaan
jahiliyyah.
Maranehna
teu apal pangeran anu nyiptakeun maranehna anu parantos masihan kanikmatan
sarta kabahgiaan didunia. Maranehna nyarembah ka patung-patung anu ku maranehna
dijieun sorangan tina batu atawa leutak jeung taneuh.
Raja namrud ngajalankeun
pamarentahanna ku kakuasaan mutlak. Nyaeta sadaya kahendakna kudu di
laksanakeun jeung sadaya parentahna mangrupikeun undang-undang anu teu meunang
dilanggar atawa ditawar . kakuasaan anu
ageung sarta
kamewahan hirup anu leuleuwihan anu ku manehna dinkmati
lami-lami manehna teu puas ku jabatan raja. Manehna ngarasa manehna pantes
disembah kurakyatna sabagai pangeran.
Manehna mikir lamun rakyatna daek jeung rela nyembah patung-patung
anu dijieun tina batu anu henteu mere manfaat jeung ngadatangkeun kabahagian keur maranehna, ku naon lain
manehna anu di sembah sabagei pangeran. Manehna bisa ngomong, bisa ngangu, bisa
mikir jeung bisa mimpin maranehna,
mawa
kamakmuran keur maranehna jeung ngaleupaskeun tina kasangsaraan jeung
kasusahan.manehna anu bisa ngubah jalmi miskin jadi beunghar jeung jalmi hina dijadikan mulia. Salain ti
eta sadayana, manehna nyaeta raja anu ngabogaan nagara anu gede tur lega.
Ditengah-tengah warga anu sakitu
goreng akhlakna, lahir Nabi Ibrahim, anu pagawean bapana mahat jeung
ngadagangkeun patung. Anjenna anu bakal jadi rosul Allah anu bakal mawa cahaya
kabeneran ka kaumna, anu tos di ilhaman akal sarta fikiran anu sae sarta
kasadaran bahwa naon-naon anu tos dipigawe kaumna kaasup bapana sorangan nyaeta
pagawean anu sesat anu nandakeun kabodohan jeung sesembahan kaumna ka
patung-patung nyaeta peta agawean anu munkar anu kudu diperangan supaya balik
deui kanu disembah anu bener nyaeta pangeran anu maha esa, pangeran anu
ngadamel jagat raya.
Dina
waktos alitna nabi Ibrahim sok dipiwarang ku bapana ngadagangkeun patung-patung
anu dijieunna ngan lantaran iman sareng tuhid anu tos diilhamkeun ku Allah
kaanjeunna, anjenna heunte sumanget keur ngadangkeun patung-patung eta. Malahan
ku cara ngahinakeun anjeunna nawarkeun patung-patung bapana ku ngucapkeun “saha
anu bade meser patung-patung anu heunte teu aya manfaat ieu?”.
NABI
IBRAHIM PALAY NINGAL KUMAHA MAKHLUK ANU TOS MAOT DI HIRUPKEUN DEUI KU ALLAH
Nabi
Ibrahim anu tos teguh hate rek merangan syirik jeung sesembahan berhala anu
lumangsung dina masyrakat kaumna. Anjeuna palay nguatkeun iman sarta kayakinan
hatena heula, sarta ngabersihkeun tina karaguan anu mungkin sasakali nagaganggu
pikiranna. Ku cara nyuhunkeun ka Allah
supaya ditingalkeun ka anjenna, kumaha Anjenna ngahirupkeun deui
makhluk-makhluk anu tos maot. Teras Nabi Ibrahim nyarios ka Allah “ wahai
pangeran abdi ! tunjukeun ka kaula
kumaha anjeun ngahirupkeun makhluk-makhluk anu tos maot.” Allah ngawaler ku
firmanna”lain teh anjen iman jeug percaya kakawasaan- kaula?” Nabi
Ibrahim ngajawab “muhun, hai pangeran abdi, kaula tos iman sareng percaya ka
Gusti sareng ka kuasaan Gusti, nagan
kaula palay sakali ningal itu ku soca kaula sorangan, supaya kaula kenging
katentreman sareng ka tenangan dina hate kaula sarta supaya mingkin jadi tebel
jeung kukuh kayakinan kaula ka Gusti sareng kakawasaan Gusti”.
Teras Allah nyumponan pamenta Nabi
Ibrahim teras nabi Ibrahim diparentah newak opat manuk teras eta manuk
dicacag jeung dicampur-campurkeun
dagingna, teras daging manuk tos bubuk jeung geus ngahiji eta di tenden diluhur
bukit dina opat bukit anu jarakna parajauh.
Saentos digawean naon anu tos diparentah pangeran eta , diparentah
nabi Ibrahim nagagoroan manuk-manuk anu tos anu tos dicacag tea. Ku izin Allah
anu maha kawasa, haliber eta 0pat manuk dina kaayan awak anu weuteh anu aya
nyawaan saentosa digeroan nabi Ibrahim jeung euntrep opat manuk eta anu hirup
deui dipayunenna. Katingal ku socana sorangan kumaha Allah anu maha kawasa bisa
ngahirupkeun deui makhluk-makhluk anu tos maot sakumaha anjenna nyiptakeunna
tina anu teu aya. Sarta ku kitu kacumponan naon anu anu di pikahoyong ku Nabi
Ibrahim keur nentremkeun hatena jeung ngalengitkeun kamungkinan karaguan dina
iman jeung kayakinanna, bahwa kakawasaan sareng kahendak Allah heunteu aya hiji oge dilangit atawa dibumi anu
bisa ngahalangan atawa ngalawanna jeung ngan ku kecap “kun” anu
didawuhkeun ku pangeran-na maka bakal
jadi naon anu dihoyongna”fayakun”.
NABI
IBRAHIM NGADA’WAH KA BAPAKNA
Aaazar, bapa nabi Ibrahim sakumaha
kaumna anu lain, anu nyembah ka berhala malahan nyaeta padagang patung-patung
anu dijieun dipahat kusorangan jeung ti manehna jalmi-jalmi meser patung-patung
anu dijadikeun sesembahan.
Nabi
Ibrahim ngarasa bahwa kawajiban utama anu kudu anjenna digaweaan sateuacan
da’wah kanu lain, nyaeta nyadarkeun bapana heula, jalmi anu paling deket jeung
anjenna, bahwa kaparcayaan jeung sesembahna ka berhala eta nyaeta pagawean anu
sesat jeung bodoh. Anjenna ngarasakeun kabaktian ka bapana ngawajibkeun masihan
panerangan kaanjenna supaya ngaleupaskeun kaparcayaan anu sesat eta jeung ngilu
iman ka Allah anu maha kawasa.
Ku sikep anu sopan tur adab anu
patut ditunjukeun ku budak ka kolotna jeung ku kecap anu halus anjenna datang
ka bapana jeung nyampekeun bahwa anjenna teh diutus ku Allah jadi Nabi jeung
rasul jeung anjenna tos diilhaman ku panganyaho sarta ka elmuaan anu heunteu
digaduh ku bapana. Anjenna naros ka bapana, naon anu ngadodorongna supaya
nyembah berhala sapertos kaumna, padahal anjenna terang bahwa berhala eta
heunteu aya gunana saeutik acan heunteu bisa ngadatangkeun kauntungan keur anu
nyembahna atawa nyegah karugian atawa musibah.dipaparkeun oge ka bapana bahwa
nyembah berhala-berhala eta teh ajaran
setan, musuh nyata keur manusa timangsa Nabi Adam turun ka bumi. Anjenna nyeru
ka bapana supados mikiran nasehat jeung ajakanna supados ninggalkeun nyembah
barhala jeung balik deui nyembah Allah anu nyiptakeun manusa jeung sadaya
makhluk , sarta anu masihan rezeki jeung kanikmata hirup.
Nguping cariosan kitu Aaazar nganbek
ka putrana, lantaran puteran sorangan
tos wani ngahina kaparcayaan bapana malahan ngajak supaya ninggalkeun
kaparcayaan eta jeung nganut nganut kaparacayaan sarta agama anu Nabi Ibrahim
candak. Anjenna heunteu nyumputkeun kakeselna jeung ngambekna ngan diucapkeunna
ku kecap-kecap anu kasar jeung dina hinaan, anjeunna ngucapkeun kecapna ka Nabi
Ibrahim sambai kesel ”hei Ibrahim maneh ninggalkeun dina kaparcayaan jeung
sesembahan urang? Sarta naon kaparcayaan maneh anu diberekeun ka urang anu kudu
ku urang dituturkeun?maneh ulah sok nyieun urang ngambek jeung durhaka ka
urang. Lamun maneh henteu ngereunan kasesatan maneh tina agama bapa maneh. Maka
maneh kaluar ti imah urang ieu. Urang henteu sudi bareng jeung maneh dina hiji
suhunan. Mangkat maneh, sateuacan urang nyilakakeun maneh.”
Nabi
Ibrahim nanggap ka ambek bapana ku sikep anu tenang, normal salaku anak ka
bapana sarta nyarios “bapa..! mugi-mugi anjen salamet, abdi bade tuluy
nyuhunkeun pangampun kanggo anjen ti
Allah jeung bade ninggalkeun anjen jeung sesembahan salain ka allah. Mugi-mugi
abdi henteu jadi jalmi anu cilaka sarta malang, do’a abdi kango anjen. “ teras
nabi Ibrahim kaluar ninggalkeun bumi bapana dina kaayaan sedih tur prihatin
lantaran henteu hasil ngangkat bapana tina lembah ksyirikan sarta ka kufuran.
NABI
IBRAHIM NGAHANCURKEUN BARHALA-BARHALA
Kagagalan Nabi Ibrahim dina usahana
nyadarkeun bapana anu sesat nganyerikeun hatena, lantaran anjenna anu jadi
putera anu bageur palay pisan ningal ningal bapana aya dina jalan anu bener
ngangkat tina kasesatan jeung kasyirikan. Ngan anjenna sadar bahwa hidayah itu
aya dina kawasaan Allah jeung sakumaha wae usahana supaya bapana kenging
hidayah, lamun teu acan dikahendakeun ku Allah maka sia-sia usahana eta.
Panolakan
bapana kana da’wahna ku cara anu kasar jeung kejem henteu saeutik acan ngarobah
katetepan hatena jeung ngalemahkeun samangatna keur mere panerangan ka kaumna
supaya ninggalkeun sesembahan anu bathil sarta kaparcayaan-kaparcayaan anu
bertentangan jeung tauhid sarta iman ka Allah sarta Rasul-Na.
Nabi Ibrahim henteu ereun-ereun dina
satiap kasempatan ngajak kaumna dialog sarta da’wah ngenaan kaparcayaan anu
maranehna anut jeung ajaran anu anjenna bawa. Jeung bahwa maranehna tos teu
tiasa ngalawan alesan-alesan jeung dalil-dalil anu diucapkeun ku nabi Ibrahim
ngenaan kabeneran ajaranna jeung ka bakhtilan kaparcayaan maranehna maka alesan
anu tos heubel maranehna ungkapkeun nyaeta bahwa maranehna ngan neruskeun naon
anu ku bapa jeung nini moyangna dipigawe sateuacanna jeung sasakali maranehna
moal ngaleupaskeun kaparcayaan jeung agama anu tos maraenhna jadi warisan.
Nabi
Ibrahim dina akhirn ngarasa henteu manfaat deui keur debat jeung da’wah jeung
kaumna anu kapala batu jeung anu moal narima katerangan jeung bukti-bukti anu
nyata anu ku anjenna carioskeun, maranehna nyepeng hiji-hijina alesan bahwa maranehna
moal nyimpang tina cara sesembahan luluhur maranehna, najan ku nabi Ibrahim di
nyatakeun bahwa maranehna jeung luluhurna salah jeung kasasar nuturkeun jalan
syaitan jeung iblis.
Nabi Ibrahim teras ngarancanakeun
bade ngabuktoskeun ka kaumna ku kalakuan anu nyata bisa ku maranehna di tingali
ka paningalan maranehna sorangan bahwa berhala-berhala jeung
patung-patungmaranehna bener-bener henteu aya gunana keur maranehna jeung
malahan henteu bisa nyalametkeun dirina sorangan.
Tos jadi kabiasaan masyarakat
karajaan baylon dina waktos itu, unggal taunna marenehna kaluar kota rame-rame
dina hiji waktos anu ku maraneh percaya sabagi poe karamat. Babaraha poe
maranehna icing diluar kota di hiji padang, nyien kemah jeung mawa bekel
tuangen sarta cai anu cekap. Maraneh seneng-seneng, ninggalkeun kota-kota
maranehna jadi kosong jeung sepi.
Maranehna
ngajak sadaya wargi supaya kaluar ninggalkeun imah jeung ngiring rame-rame
ngahormatan poe-poe suci eta. Nabi Ibrahim oge diajak ngiring ngan,nabi Ibrahim
api-api gering jeung diizinkeun icing dibumina, maranehna ngarasa hawatos bahwa
panyakit nabi Ibrahim anu dijieun-jieun eta bakalan nular ka wargi anu lain.
Waktos ningal kaayaan kota anu
kosong tina pendudukna, anjenna mawa kampak teras datang ka tempat ibadah kaumna.
Bari nunjuk kasesembahan,kembang-kembang, kadaharan anu aya di harepeun suku
patung, nabi Ibrahim ngucapkeun nyarios
“kunaon maneh henteu ngadahar ka daharan anu ngenah anu diberekeun ka
maneh ieu ?”jawab jeung ngomong maneh..!!”. teras ditendang, jeung gebugan
eta patung jeung dihancurkeun ku kampak anu aya dina pananganna. Patung anu
pang gedena di antepkeun weuteh henteu di kukumahaken dina behengna di
gantungan kampak anu nabi Ibrahim bawa.
Waktos masrakat mulih tos pesta di
luar kota jeung ningal kaayaan patung-patung, pangeran maranehna hancur.
Maranehna rareuwas waktos ningal kitu.
Salasa hiji ti maranehna naros kanu lain : “saha anu tos wani
naglakukeun anu jahat tur keji ieu Ka sesembahan maranehna ieu ?. ngomong
salasahiji timaranehna “aya kamungkinan jalmi anu sok ngahina jeung
ngagogoreng sesembahan kami nyaeta anu namina Ibrahim nyaeta jalmi anu wani
naglakukeun ieu”. Teras nambahkeun anu lain ;’’ pasti manehna. Lantaran
manehna hiji-hijina jalmi anu icing dikota waktos urang sadaya aya diluar kota
ngarayakeun poe suci jeung karamat tea”. Teras aya kapastian anu moal
diragukeun deui bahwa Ibrahim anu tos ngarusak jeung ngamusnahkeun
patung-patung eta.wargi kota rame-rame ngomongkeun kajadian anu di anggap
ngahinakeun anu moal di ampunan. Suara kesel jeung kutukan kadangu timan-mana,
anu nuntut supaya jalmi ani ngalakukeunna di penta pertanggung jawabanna dina
hiji pangadilan anu umum, dimana sadaya warga kota tiasa ngiring sarta
nyaksikeunna.
Jeung eta the anu diharepkeun ku nabi Ibrahim supaya pangadilanna
sacara umum dimana sadaya warga tiasa nyaksikeunna. Lantaran ku cara kitu
anjenna tiasa katutupan dina da’wah nyerang kaparcayaan aranjenna anu bakhtil
jeung sesat itu, saraya nerangkeun kabeneran agama jeung kapercayaan anu
anjenna bawa, mugi aya anu kabuka hatena keur iman tina tauhid anu anjenna
ajarkeun jeung dida’wahkeun.
Poe pangadilan di tangtoskeun jeung rakyat daratang ti sadaya
pelosok rame-rame ngadatangan padang anu disadiakeun kangge siding pangadilan
tea.
Waktos
Nabi Ibrahim dongkap ngadep hakim anu bakal ngadilanna, anjenna disambut ku ku
masyarakat ku ucapan kutukan jeung hinaan, anu nandakeun saking benduna ka
anjenna anu tos wani ngahancurkeun sesembahan maranehna.
Nabi Ibrahim ditanya ku hakim :” anjen anu tos ngarusak tur
ngahancurkeun tuhan-tuhan kami?” ku
sikep anu tenang nabi Ibrahim ngawaler :” patung anu ageung anu aya kampakan
dina behengna anu ngalakukeunna.” Sok ku aranjen tanyakeun ka patung-patung saha
anu tos ngahncurkeunna.”Para hakim ngahaluleng, saakan-akan nabi Ibrahim
ngahina maranehna. Teras si hakim nyarios :” anjen terang bahwa
patung-patung itu teu bisa ngomong kunaon anjen menta kami nanya ka manehna?” anu
ieu memang diantos ku nabi Ibrahim, maka anu bakal jadi jawaban keur pasoalan
anu akhir itu anjenna pidato mukakeun kabthilan sesembahan maranehna, anu ku
maranehna dipartahankeun, samata-mata lantaran ngan ukur adat jeung warisan
luluhurna. Nabi Ibrahim nyarios ka para hakim :”lamun kitu, kunaon anjen
sembah patung-patung eta, au teu bisa ngomong, teu bisa ningali, teu bisa
nagdenge, teu bisa mawa manfaat atawa nolak madorot, malahan teu bisa nolongan
dirina sorangan tina kahancuran jeung kabinasaan? Bodo aranjen ku percaya jeung
sesembahan aranjen eta! Lain , aranjen bisa mikir ku akal aranjen bahwa
sesembahan anjen nyaeta pagawean anu salah anu ngan dipahaman ku syaitan. Ku
naon anjen teu nyembah pangeran anu tos nyiptakeun alam jeung nguasakeun anjen
di luhur bumi ku sagala isi sarta kakayaanna. Hinana anjen ku sesembahan anjen
eta”.
Saentos
nabi Ibrahim nguraikeun pidatona eta, para hakim mutuskeun nabi Ibrahim kudu di
beuleum hirup-hirup sabagi ganjaran keur kalakuanna anu ngahina jeung
ngahinakeun tuhan-tuhan maranehna, maka hakim nyarios ka rakyat anu hadir dina
pangadilan eta” beulem weh maneh jeung bela tuhan anjen, lamun maneh
bener-bener satia ka anjenna.”
NABI
IBRAHIM DIBEULEUM HIRUP-HIRUP
Kaputusan pangadilan tos ditantukeun. Nabi Ibrahim kedah dihukum ku
dibeuleum hirup-hirup dina seune anu ageung, saageung dosa anu tos
dilakukeun.parsiapan upacara keur meuleum anu bakal disaksikeun ku sadaya
warga.taneuh kosong tos disiapkeun kanggo ngabeuleum jeung diayakeun
pangumpulan suluh sacara gotong royong kudu mawa suluh saseur-seurna sabagai
buktos bakti ka sesembahan maranehna anu tos di hancurkeun ku nabi Ibrahim. Para
warga rame-rame mawa suluh keur sumbangan jeung ciri bakti katuhanna.
Diantarana aya istri-istri anu hamil jeung jalmi anu gering marawa suluh ku
harepan kenging berkah ti tuhan-tuhanna ku di cagerkeun dina panyakitna atawa
salamet pas ngalahirkeun.
Saentos kakumpul suluhna dilapangan anu disadiakeun keur upacara
ngabeulem, teras di beuleum jeung ngabentuk kawas gunung seuneu. Teras nabi
Ibrahim didatangkeun di hiji gedung anu luhur. Dialungkeun nabi Ibrahim ka jero
seuneu. Allah ngadawuh “hai seuneu, anjen jadi tiis, jeung kasalametan keur
Ibrahim.”
Samenjak hukuman ditetepkeun dugi ka dialungkeun ka jero seuneu,
nabi Ibrahim tetep ningalkeun sikep tenang jeung tawakal lantaran iman jeung
kayakinanna ka Allah bahwa Allah moal rela ngalepaskeun hambana jadi kadaharan
seuneu jeung koraban kaganasan jalmi kafir musuh Allah. Dina jero seuneu nabi
Ibrahim ngarasa tiris sakumaha dawuhan Allah, ngan rante jeung tali anu nalian
panangan sareng sampeyanna anu tutung ka beuleum. Awak jeung bajuna henteu
kabeuleum saeutik-eutik acan. Ieu mangrupikeun hiji mukjizat anu dipasihkeun ku
Allah ka nabi Ibrahim keur ngalnjutkeun panyampaian risalah anu ditugaskeun ka
anjenna ku allah.
Para wargi kaheranan ningal nabi Ibrahim salamet tur weuteh
pakeanna sapertos biasana. Mukjizat anu di pasihkeun ku Allah S.W.T. ka nabi
Ibrahim sabagai buktos nyata keur kabeneran da’wahna, tos nimbulkeun
kaguncangan dina kaparcayaan sawareh wargi ka sesembahanna jeung patung-patung maranehna, jeung
seueur ngabuka hate ti aranjenna keur
miirkeun deui pangajak nabi Ibrahim jeung da’wahna, malahan henteu kurang aya
jalmi anu nyatakeun ka imananna ka nabi Ibrahim, ngan hawatos bakal kenging
kasusahan dina hirupna akibat tina kabenduan para gegedena anu mungkin bakal
jadi murka lamun terang bahwa aranjenna tos pindah ka nabi Ibrahim.
0 komentar:
Post a Comment